Contoh Sambutan Pidato Serah Terima Pengantin Wanita dalam Bahasa Sunda Lengkap dengan Mukadimahnya

- 14 September 2023, 04:47 WIB
Microphonne
Microphonne /Image: pablojuliann/pixabay.com/

HALOYOUTH - Dalam acara resepsi pernikahan serah terima antara kedua mempelai pengantin pria dan wanita sudah menjadi tradisi di tanah air kita terutama di daerah tatar sunda dan jawa.

Perhelatan yang dihadiri oleh keluarga kedua mempelai pengantin pria dan wanita ini tentunya menjadi upacara yang sangat sakral.

Oleh sebab itu, prosesi akad pernikahan rasanya kurang lengkap jika tidak diadakan acara serah terima antara keluarga kedua mempelai.

Dalam prosesi penyerahan calon pengantin wanita, biasanya akan ada sambutan dari pihak pengantin wanita.

Baca Juga: Teks Sambutan Pidato Penyerahan Pengantin Pria dalam Bahasa Sunda Lengkap

Dirangkum Haloyouth dari berbagai sumber, berikut contoh teks sambutan pidato serah terima pengantin wanita dalam Bahasa sunda lengkap dengan mukadimahnya.

Assalamu'alaikum Wr.Wb.

ﺇِﻥَّ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪَ ﻟِﻠﻪِ ﻧَﺤْﻤَﺪُﻩُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻨُﻪُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻐْﻔِﺮُﻩْ ﻭَﻧَﻌُﻮﺫُ ﺑِﺎﻟﻠﻪِ ﻣِﻦْ ﺷُﺮُﻭْﺭِ ﺃَﻧْﻔُﺴِﻨَﺎ ﻭَﻣِﻦْ ﺳَﻴِّﺌَﺎﺕِ ﺃَﻋْﻤَﺎﻟِﻨَﺎ، ﻣَﻦْ ﻳَﻬْﺪِﻩِ ﺍﻟﻠﻪُ ﻓَﻼَ ﻣُﻀِﻞَّ ﻟَﻪُ ﻭَﻣَﻦْ ﻳُﻀْﻠِﻞْ ﻓَﻼَ ﻫَﺎﺩِﻱَ ﻟَﻪُ. ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻻَ ﺇِﻟَﻪَ ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪ ﻭَﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ ﻋَﺒْﺪُﻩُ ﻭَﺭَﺳُﻮْﻟُﻪُ. اَللّـٰـهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَـيَّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَـيَّدِنَا مُحَمَّدٍ, أَمَّا بَعْدُ.

Bacaan latin: Innal hamda lillah nahmaduhu wa nasta'iinuhu wa nastaghfiruuh, wa na'udzubillaahi min syuruuri anfusinaa wamin sayyi'aati a'maalinaa, man-yahdihillaahu falaa mudlillalah wa man-yudhlil falaa haadiyalah. Asyhadu an-laailaaha illa-llah wa asyhadu anna Muhammadan 'abduhu wa rosuuluh. Allaahumma sholli 'alaa sayyidina Muhammad wa 'alaa ali sayyidina Muhammad, amma ba'du.

Baca Juga: Lirik Lagu Wana Maak Mohammed Alsahli Viral di Tiktok Lengkap dengan Teks Arab, Latin, dan Artinya

Saran: agar lebih berkesan lagi setelah membaca kalimat mukadimah di atas, sebaiknya tambahkan dalil Al Quran dan hadits tentang pernikahan seperti berikut:

قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ. اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ.

Bacaan latin: Kolallaahu ta'ala fil qur'anil karim. A'udzubillaahi minasy-saithonirrajim. Bismillahirrahmanirrahim.

وَمِنْ ءَايَٰتِهِۦٓ أَنْ خَلَقَ لَكُم مِّنْ أَنفُسِكُمْ أَزْوَٰجًا لِّتَسْكُنُوٓا۟ إِلَيْهَا وَجَعَلَ بَيْنَكُم مَّوَدَّةً وَرَحْمَةً ۚ إِنَّ فِى ذَٰلِكَ لَءَايَٰتٍ لِّقَوْمٍ يَتَفَكَّرُونَ

Bacaan latin: Wa min aayaatihi an kholaqolakum min anfusikum azwajal-litaskunuu ilaihaa wa ja'ala bainakum mawaddataw-warahmah, inna fii dzaalika la'aayatil-laqaumii yatafakkaruun.

Baca Juga: Tumbangkan Viktor Axelsen, Chia Hao Lee Hadapi Lee Zii Jia Berebut Tiket Perempat Final Hong Kong Open 2023

وَقَالَ عَلَيْهِ الصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ: (النِّكَاحُ سُنَّتِيْ فَمَنْ رَغِبَ عَنْ سُنَّتِيْ فَلَيْسَ مِنِّيْ).

Bacaan latin: Waqoola 'alaihi sholatu wassalamu: (Annikaahu sunnatii faman raghiba 'an sunnati falaisa minni).

Puji sinareng syukur disanggakeun ka Alloh SWT tina sagala rupi ni’mat-Na. utamina ni’mat iman sinareng ni’mat islam anu mugia salawasna dipaparinkeun ka urang sadaya.

Sholawat sinareng salam mugi-mugi tetep tercurah ka junjunan alam Habibana wanabiyana Muhammad Saw.

Bapa ibu saderek sadayana, rombongan pangdeudeul calon panganten pameget nu ku sim kuring dipihurmat. Para wargi sadayana nu sami-sami rawuh di ieu haflah.

Baca Juga: 5 Rekomendasi Tempat Wisata Instagramable dan Paling Ramai Dikunjungi di Lampung, Kamu Harus Kesini!

Neda widi, sim kuring maoskeun hiji ayat tina Al Qur'an anu unina "Lain syakartum laazidanakum walain kafartum inna 'adzabi lasyadiid" wallohu 'alam bihakikotil murod, anu hartosna:

Sakedikna aya dua nikmat dina danget ayeuna nu ku urang peryogi disyukuri. Kahiji nikamt sehat. Alhamdulillah urang masih dipasihan kasehatan dugi ka danget ayeuna. Nikmat nu kadua nyaeta nikmat silaturahmi.

Sim kuring sakulawargi di dieu, muji syukur ka nu Maha Agung, tiasa paamprok jonghok patepung lawung patepang wajah sareng bapa ibu saderek sadayana rombongan pangdeudeul calon panganten pameget.

 

Para wargi sadayana

Sim kuring sakulawargi the asa kagunturan madu kapuragan menyan putih. Saur ki dalang tea mah, bingah amarwatasuta bingah kagiri-giri bingah nu taya hinggana, rehing geuning nu dianti-anti ti kamari nu dicipta-cipta ti mangkukna, ayeuna parantos dongkap kalayan diiring ku abringan anu sakitu ngaleut ngabandaleut ngemat-ngemat nyatang pinang, angkaribung ku cacandakan.

Baca Juga: Makam Galunggung Garut: Memelihara Sejarah dan Kearifan Lokal dengan Mengetahui Sisi Menarik di Dalamnya

Mung aya hanjakalna, sim kuring sakulawargi teu tiasa ngajamu ka tatamu...mung ala kadarna, tamba hanaang bae. Neda agung cukup lumur neda jembar hapuntenna.

Para wargi sadayana

selenting bawaning angin, dina waktu nu kalangkung, saurna aya janji pasini patali kasih antawis Cep (....) sareng Neng (....) kanggo ngawangun ikatan cinta dina sagara rumah tangga. Nya panginten nitih wanci nu mustari cunduk waktu nu rahayu, ayeuna mangsana nu sampurna, kanggo ngadahupkeun eta jajaka sareng wanoja, kalayan dipirig ku hariring pameredih, dilaguan ku alunan pangharepan, mudah-mudahan ngadahupna cep (....) sareng Neng (.....) teh janten pameungkeut silaturahmi, oge janten kulawargi anu sakinah mawaddah warohmah, aya dina karidoan gusti nu maha suci.

Pamungkas, yap cep (....), ku sim kuring sakulawargi salira ditampi sabeuleugeunjeurna, ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, di tengah mah saaya-aya wae.

Baca Juga: Contoh Sambutan Pidato Bahasa Sunda Untuk Acara Resepsi Khitan atau Sunatan Anak

Mung sakitu anu kapihatur, ogé neda hapunten bilih simkuring dina cumarios aya basa anu kirang merenah kana manah bapa-ibu ogé wargi sadayana.

Wal afwu minkum

Wassalamu'alaikum Wr.Wb.

Itulah contoh teks sambutan serah terima pengantin wanita Bahasa Sunda dalam acara resepsi pernikahan. ***

Editor: Bakri

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah