Contoh Mukaddimah Lucu dan Menghibut Bahasa Sunda, Cocok untuk Ceramah dan Dakwah

18 Agustus 2023, 20:40 WIB
Ilustrasi - Contoh pidato /PEXELS/Bryce Carithers

HALOYOUTH - Dalam berdakwah atau berceramah terkadang hiburan juga perlu. Hal ini dilakukan untuk menarik perhatian jamaah agar isi ceramah tersampaikan dengan baik dan mudah dipahami.

Bahasa tentu bukanlah sebuah masalah, yang penting sesuai tempat dan etika dihadapan jamaah. Oleh sebab itu, berikut Islamadania rekomendasikan untuk anda contoh mukadimah lucu dan menghibur cocok untuk ceramah Bahasa Sunda dirangkum dari aplikasi Kumpulan Pidato Bahasa Sunda.

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

الْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَنْعَمَنَا بِنِعْمَةِ اْلإِيْمَانِ وَاْلإِسْلاَمِ. وَنُصَلِّيْ وَنُسَلِّمُ عَلَى خَيْرِ اْلأَنَامِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمَّا بَعْدُ

Bacaan latin: Alhamdulillaahi-lladzi an'amanaa bini'matil iimaan wal-islaam. Wa nusholli wa nusallimu 'alaa khoiril-anaam, sayyidina Muhammadin wa 'ala aalihi wa sohbihi ajma'iin, amma ba'du.

Teu aya kecap nu pantes ku urang ucapkeun, iwal ti manjatkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT. Puja anu ngajantenkeun panghias rasa ti mimiti urang muka kana ieu acara, mangga urang sanggakeun ka Allah SWT, nyatana Allah azza wa jalla.

Puji anu ngajantenkeun panghias ati ti mimiti urang ngaji, mangga urang sanggakeun ka Allah nu maha suci, nyatana Allah rabbul izzati. Rasa syukur anu ngajantenkeun panolak takabur, ti mimiti urang kumpul mangga urang sanggakeun ka Allah nu maha luhur, nyatana Allah rabbul gofur.

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Sunda Lucu Mudah Dihafalkan: Tentang Shalat.....

Dimana nu parantos masihan ka urang sadayana mang pirang-pirang kanikmatan ka urang sadayana, lamun ceunah lautan dijadikeun tinta, tatangkalan di jadikeun péna-na pasti ka nikmatan ti Allah moal réngsé di ucapkeun moal beres di tuliskeun.

وَإِنْ تَعُدُّوا نِعْمَةَ اللَّهِ لَا تُحْصُوهَا إِنَّ اللَّهَ لَغَفُورٌ رَحِيمٌ

Bacaan latin: Wa'ing ta'udduu ni'matallahi la tuhsuuha innallaha la ghofurur rahiim.

Nuhartosna:
“Jeung lamun urang etang-etang ka nikmatan tiAllah, niscaya urang bakalan moal tiasa nangtukeun jumlahna. Saenyana Allah bener-bener Maha Pangampun tur Maha Panya’ah.” (QS. An Nahl : 18).

Anu mugi-mugi ku wasilahna urang nu kempel dina ieu tempat, sing di jadikeun sebab pertama di hampurana dosa urang ku nu maha kawasa, anu kaduana mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina ieu tempat, allah swt ngahampura kana dosa urang.

Nu ka tiluna mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina ieu tempat, Allah SWT ngaluruskeun kana masing-masing permaksadan. Contona; (Ka nu tacan gaduh kabogoh, sing enggal gaduh kabogoh). Hehe (tiasa di rubah ku masing-masing permaksadan nyalira).

Ogé teu hilap solawat sinareng salam mugia tetep ka curah limpahkeun ka jungjunan urang sadayana, pamingpin ti jaman jahiliah nuju ka jaman islamiyah, pamingpin anu parantos nyandak umatna ti jaman naék kuda nepi ka naék avanza, nyatana habibana wasyafi’ana wamaulana Muhammad SAW.

Teu hilap ogé ka para kaluargina, para sohabatna, ti sohabat amsharin katut ka sohabat muhajirin, ogé mugia solawat sinareng salamna dugi ka urang sadayana salaku umatna… amiin ya Allah ya rabbal alamin.

Itulah contoh mukadimah lucu dan menghibur cocok disampaikan untuk ceramah Bahasa Sunda.**

Editor: Rifqiyudin

Sumber: berbagai sumber

Tags

Terkini

Terpopuler