Teks Sambutan Pidato Penyerahan Pengantin Pria dalam Bahasa Sunda Lengkap

13 September 2023, 23:34 WIB
Ilustrasi sambutan pidato penyerahan pengantin pria /Image: Jorge Guillen from Pixabay/

HALOYOUTH - Perhelatan yang dihadiri oleh keluarga kedua mempelai pengantin pria dan wanita ini tentunya menjadi upacara yang sangat sakral.

Dalam acara pernikahan, biasanya ada proses penyerahan pengantin pria atau sambutan dari pihak mempelai pria. Sambutan atau pidato (biantara) dari pihak pria ini dalam Bahasa Sunda disebut nyérénkeun (sérén - mikeun - menyerahkan).

Dirangkum dari berbagai sumber berikut Haloyouth sajikan contoh teks sambutan pidato penyerahan pengantin pria Islami dalam Bahasa Sunda.

Baca Juga: Lirik Lagu Wana Maak Mohammed Alsahli Viral di Tiktok Lengkap dengan Teks Arab, Latin, dan Artinya

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

ﺇِﻥَّ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪَ ﻟِﻠﻪِ ﻧَﺤْﻤَﺪُﻩُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻨُﻪُ ﻭَﻧَﺴْﺘَﻐْﻔِﺮُﻩْ ﻭَﻧَﻌُﻮﺫُ ﺑِﺎﻟﻠﻪِ ﻣِﻦْ ﺷُﺮُﻭْﺭِ ﺃَﻧْﻔُﺴِﻨَﺎ ﻭَﻣِﻦْ ﺳَﻴِّﺌَﺎﺕِ ﺃَﻋْﻤَﺎﻟِﻨَﺎ، ﻣَﻦْ ﻳَﻬْﺪِﻩِ ﺍﻟﻠﻪُ ﻓَﻼَ ﻣُﻀِﻞَّ ﻟَﻪُ ﻭَﻣَﻦْ ﻳُﻀْﻠِﻞْ ﻓَﻼَ ﻫَﺎﺩِﻱَ ﻟَﻪُ. ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻻَ ﺇِﻟَﻪَ ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪ ﻭَﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ ﻋَﺒْﺪُﻩُ ﻭَﺭَﺳُﻮْﻟُﻪُ. اَللّـٰـهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَـيَّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَـيَّدِنَا مُحَمَّدٍ, أَمَّا بَعْدُ.

Bacaan latin: Innal hamda lillah nahmaduhu wa nasta'iinuhu wa nastaghfiruuh, wa na'udzubillaahi min syuruuri anfusinaa wamin sayyi'aati a'maalinaa, man-yahdihillaahu falaa mudlillalah wa man-yudhlil falaa haadiyalah. Asyhadu an-laailaaha illa-llah wa asyhadu anna Muhammadan 'abduhu wa rosuuluh. Allaahumma sholli 'alaa sayyidina Muhammad wa 'alaa ali sayyidina Muhammad, amma ba'du.

Saran: agar lebih berkesan lagi setelah membaca kalimat mukadimah di atas, sebaiknya tambahkan dalil Al Quran dan hadits tentang pernikahan seperti berikut:

قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِى الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ. اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ.

Bacaan latin: Kolallaahu ta'ala fil qur'anil karim. A'udzubillaahi minasy-saithonirrajim. Bismillahirrahmanirrahim.

Baca Juga: Tumbangkan Viktor Axelsen, Chia Hao Lee Hadapi Lee Zii Jia Berebut Tiket Perempat Final Hong Kong Open 2023

وَمِنْ ءَايَٰتِهِۦٓ أَنْ خَلَقَ لَكُم مِّنْ أَنفُسِكُمْ أَزْوَٰجًا لِّتَسْكُنُوٓا۟ إِلَيْهَا وَجَعَلَ بَيْنَكُم مَّوَدَّةً وَرَحْمَةً ۚ إِنَّ فِى ذَٰلِكَ لَءَايَٰتٍ لِّقَوْمٍ يَتَفَكَّرُونَ

Bacaan latin: Wa min aayaatihi an kholaqolakum min anfusikum azwajal-litaskunuu ilaihaa wa ja'ala bainakum mawaddataw-warahmah, inna fii dzaalika la'aayatil-laqaumii yatafakkaruun.

وَقَالَ عَلَيْهِ الصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ: (النِّكَاحُ سُنَّتِيْ فَمَنْ رَغِبَ عَنْ سُنَّتِيْ فَلَيْسَ مِنِّيْ).

Bacaan latin: Waqoola 'alaihi sholatu wassalamu: (Annikaahu sunnatii faman raghiba 'an sunnati falaisa minni).

Puji sinareng syukur disanggakeun ka Alloh SWT tina sagala rupi ni’mat-Na. utamina ni’mat iman sinareng ni’mat islam anu mugia salawasna dipaparinkeun ka urang sadaya.

Baca Juga: 5 Rekomendasi Tempat Wisata Instagramable dan Paling Ramai Dikunjungi di Lampung, Kamu Harus Kesini!

Ogé Alhamdulillah ku kersa-Na, simkuring ayeuna miwah rombongan ti…(Sebutkan nama daerah asal) parantos dugi ka ieu wewengkon kalayan aya dina kasalametan. Sadayana mungguhing kersaning Alloh SWT.

Bapa-ibu ogé wargi sadaya, hususna sepuh-sesepuhna calon pangantén istri miwah kulawargina anu ku simkuring dihormat.

Teu hilap ka sadayana anu sami lenggah dina ieu acara utamina ka para ulama, ustadz-ustadzah, tokoh masyarakat, teu hilap ka pangurus ieu wewengkon anu sadayana hormateun simkuring.
Dina ieu waktos simkuring asmana sepuhna calon pangantén pameget nyanggakeun salam baktos. Nyanggakeun salam kawilujengan ka sadayana anu sami lenggah dina ieu acara.

Hapunten anu kasuhun tina sagala rupi kalepatan, bilih dongkapna simkuring saparakanca kirang sapagodos sareng manah wargi sadayana.

Baca Juga: Contoh Teks Sambutan Pidato Penyerahan Pengantin Pria Islami dalam Bahasa Indonesia serta Mukadimahnya

Maksad dongkapna simkuring saparakanca ka ieu wewengkon teu aya sanés, kumargi parantos nguping ti sepuhna calon pangantén pameget nyaéta saurna gaduh jangji anu tos pasini dina wanci kamari, boga carita anu tos kedal ti baheula.

Wiréhna saurna putrana Bapa…(Sebutkan nama Bapaknya calon pengantin pria) sareng Ibu…(sebutkan nama ibunya calon pengantin pria) anu wastana Cép…(sebutkan calon pengantin pria).

Saurna gaduh bébéndé haté anu matak hésé saré, boga mojang lenjang anu dipikahayang sanajan anggang nu remen ditéang. Nya saurna ayana di ieu wewengkon pisan.

Saran: Agar komunikatif dan menarik tanya dengan nada canda ke calon pengantin pria dan kalau calon pengantin wanita sudah hadir bisa ditanyakan juga pada keduanya.

Baca Juga: Sayyid Zulfikar: Ba'alawi dengan Alawiyyin Itu Beda, Begini Penjelasannya!

Misalnya: "Cobi Cép…(sebutkan calon pengantin pria), tingali heula naha leres ieu istri anu disebatkeun kamari téh?” tapi engké marios lengkepna mah saupami parantos akad nikah. Ayeuna mah tingali wéh heula ti katebihan.

Urang lajengkeun deui, maksad anu utami simkuring asmana sepuhna calon pangantén pameget dina danget ieu pisan.

Badé nyanggakeun di luhur sausap rambut di handap sahibas dampal. Nyanggakeun badan sakujur anu wastana Cép…(sebutkan nama calon pengantin pria).

Kanggo ditikahkeun dinten ieu pisan ka Néng…(sebutkan nama calon pengantin wanita). Disarengan nyanggakeun cacandakana sok sanaos mung saukur hatur lumayan.

Baca Juga: Gedung Sate Limbangan Garut: Simbol Sejarah dan Kebudayaan Serta Saksi Bisu Kemerdekaan Indonesia

Mugia wargi sadaya utamina ibu-ramana Néng… (sebutkan nama calon pengantin wanita) aya dina ridho manah wening galih kersa nampi kana sagala rupi pamaksadana.

Mung sakitu anu kapihatur, ogé neda hapunten bilih simkuring dina cumarios aya basa anu kirang merenah kana manah bapa-ibu ogé wargi sadayana.

Urang pungkas ku kagegelan seni budaya sunda sareng du'a (sisindiran paparikan)

Kabita dodol tutungna
Wareg moal deui-deui
Nyarita taya tungtungna
Nya kitu kadinya deui

Kemudian tutup dengan doa.

Wassalamu'alaikum Wr.Wb.

Baca Juga: Contoh Sambutan Ketua Panita Pelaksana dalam Memperingati Maulid Nabi Muhammad SAW

Itulah contoh teks sambutan pidato penyerahan pengantin pria Islami dalam Bahasa Sunda lengkap. ***

Editor: Bakri

Sumber: Berbagai Sumber

Tags

Terkini

Terpopuler