Teks Sambutan Pidato Penyerahan Pengantin Pria dalam Bahasa Sunda Lengkap

- 13 September 2023, 23:34 WIB
Ilustrasi sambutan pidato penyerahan pengantin pria
Ilustrasi sambutan pidato penyerahan pengantin pria /Image: Jorge Guillen from Pixabay/

Teu hilap ka sadayana anu sami lenggah dina ieu acara utamina ka para ulama, ustadz-ustadzah, tokoh masyarakat, teu hilap ka pangurus ieu wewengkon anu sadayana hormateun simkuring.
Dina ieu waktos simkuring asmana sepuhna calon pangantén pameget nyanggakeun salam baktos. Nyanggakeun salam kawilujengan ka sadayana anu sami lenggah dina ieu acara.

Hapunten anu kasuhun tina sagala rupi kalepatan, bilih dongkapna simkuring saparakanca kirang sapagodos sareng manah wargi sadayana.

Baca Juga: Contoh Teks Sambutan Pidato Penyerahan Pengantin Pria Islami dalam Bahasa Indonesia serta Mukadimahnya

Maksad dongkapna simkuring saparakanca ka ieu wewengkon teu aya sanés, kumargi parantos nguping ti sepuhna calon pangantén pameget nyaéta saurna gaduh jangji anu tos pasini dina wanci kamari, boga carita anu tos kedal ti baheula.

Wiréhna saurna putrana Bapa…(Sebutkan nama Bapaknya calon pengantin pria) sareng Ibu…(sebutkan nama ibunya calon pengantin pria) anu wastana Cép…(sebutkan calon pengantin pria).

Saurna gaduh bébéndé haté anu matak hésé saré, boga mojang lenjang anu dipikahayang sanajan anggang nu remen ditéang. Nya saurna ayana di ieu wewengkon pisan.

Saran: Agar komunikatif dan menarik tanya dengan nada canda ke calon pengantin pria dan kalau calon pengantin wanita sudah hadir bisa ditanyakan juga pada keduanya.

Baca Juga: Sayyid Zulfikar: Ba'alawi dengan Alawiyyin Itu Beda, Begini Penjelasannya!

Misalnya: "Cobi Cép…(sebutkan calon pengantin pria), tingali heula naha leres ieu istri anu disebatkeun kamari téh?” tapi engké marios lengkepna mah saupami parantos akad nikah. Ayeuna mah tingali wéh heula ti katebihan.

Urang lajengkeun deui, maksad anu utami simkuring asmana sepuhna calon pangantén pameget dina danget ieu pisan.

Halaman:

Editor: Bakri

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah