Contoh Sambutan Pidato Serah Terima Pengantin Wanita dalam Bahasa Sunda Lengkap dengan Mukadimahnya

- 14 September 2023, 04:47 WIB
Microphonne
Microphonne /Image: pablojuliann/pixabay.com/

Mung aya hanjakalna, sim kuring sakulawargi teu tiasa ngajamu ka tatamu...mung ala kadarna, tamba hanaang bae. Neda agung cukup lumur neda jembar hapuntenna.

Para wargi sadayana

selenting bawaning angin, dina waktu nu kalangkung, saurna aya janji pasini patali kasih antawis Cep (....) sareng Neng (....) kanggo ngawangun ikatan cinta dina sagara rumah tangga. Nya panginten nitih wanci nu mustari cunduk waktu nu rahayu, ayeuna mangsana nu sampurna, kanggo ngadahupkeun eta jajaka sareng wanoja, kalayan dipirig ku hariring pameredih, dilaguan ku alunan pangharepan, mudah-mudahan ngadahupna cep (....) sareng Neng (.....) teh janten pameungkeut silaturahmi, oge janten kulawargi anu sakinah mawaddah warohmah, aya dina karidoan gusti nu maha suci.

Pamungkas, yap cep (....), ku sim kuring sakulawargi salira ditampi sabeuleugeunjeurna, ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, di tengah mah saaya-aya wae.

Baca Juga: Contoh Sambutan Pidato Bahasa Sunda Untuk Acara Resepsi Khitan atau Sunatan Anak

Mung sakitu anu kapihatur, ogé neda hapunten bilih simkuring dina cumarios aya basa anu kirang merenah kana manah bapa-ibu ogé wargi sadayana.

Wal afwu minkum

Wassalamu'alaikum Wr.Wb.

Itulah contoh teks sambutan serah terima pengantin wanita Bahasa Sunda dalam acara resepsi pernikahan. ***

Halaman:

Editor: Bakri

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah