Contoh Pidato Singkat Bahasa Sunda Tentang Kebersihan

- 26 September 2023, 17:59 WIB
Microphone ilustrasi piato bahasa Sunda
Microphone ilustrasi piato bahasa Sunda /Hrayr Movsisyan from pixabay/

HALOYOUTH - Berikut Haloyoyuth sajikan teks pidato singkat Bahasa Sunda tentang kebersihan dirangkum dari berbagai sumber.

Assalamualaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahi rabbil 'alamin, wa bihi nasta'inu 'ala umuuriddunya waddin, washolatu wassalaamu 'ala ayrofil anbiyaa'i wal mursalin, wa'ala aalihi wasohbihi ajma'iin, amma ba'du.

Bapak Ibu anu dipikahormat.
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahiirobbi kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayaan sehat walafiat.

Oge rohmat miwah salam mugia salalamina dicurah  tur dilimpah kapaduka rosul nu agung wastana kangjeng nabi Muhammad shallallahu 'alaihi wasallam.

Baca Juga: Curi Perhatian Netizen, Ini 6 Potret Bumil Cantik Valencia Istri Kevin Sanjaya Atlet Bulu Tangkis Indonesia

Teu hilap ka para keluargana sahabatna, tabi'ina atbatta'biin, oge mudah-mudahan eta rohmat teh dugia ka urang sadayana aamin ya Allah ya rabbal 'aalamiin.

Bapak Ibu anu dipikahormat.

Dina ieu waktos, simkuring bade nerangkeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayuna di kawitan ti ayeuna.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun. “Annadhofatu minal iman” nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuanna,nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, anu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didadarkeun dina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Baca Juga: Pengertian Hadits, Sunnah, Atsar, Khabar dan Hadits Qudsi Menurut Bahasa dan Istilah

Bapak Ibu anu dipikahormat.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allahumma, amiin.

Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Bapak Ibu anu dipikahormat.
Cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Baca Juga: Muslim Harus Tahu, Berikut Amalan-amalan Sunah Sebelum Shalat Jumat

Wabillahi taufiq wal hidayah

Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Itulah contoh teks pidato singkat Bahasa Sunda tema tentang kebersihan. ***

Editor: Bakri

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah