Contoh Sambutan Tuan Rumah Acara Pengajian Tasyakuran Keluarga dalam Bahasa Sunda

4 Oktober 2023, 11:56 WIB
Microphone /Image by PublicDomainPictures from Pixabay /

HALOYOUTH - Kata sambutan merupakan kata yang selalu diucapkan dalam berbagai acara. Ucapan ini berfungsi sebagai pembuka untuk mengawali sebuah acara. Lebih singkatnya kata sambutan sama dengan pidato.

Dalam bahasa Sunda kata sambutan atau pidato biasa dikenal dengan istilah biantara. Biantara pada dasarnya adalah teks pidato dalam Bahasa Sunda yang disampaikan pada acara-acara tertentu khususnya oleh masyarakat Sunda (Jawa Barat).

Berikut contoh kata sambutan Bahasa Sunda yang disampaikan oleh tuan rumah dalam acara pengajian tasyakuran keluarga sumber dari Aplikasi Kumpulan Pidato Bahasa Sunda.

Baca Juga: Contoh Ceramah Bahasa Sunda Tentang Malam Lailatul Qadar 

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh

الـحَمْدُ للهِ رَبِّ العَالَـمِيْنَ ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الأَنْبِيَاءِ وَالـمُرْسَلِيْنَ ، نَبِيِّنَا وَحَبِيْبِنَا مُـحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْـمَعِيْنَ ، وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ ، أَمَّا بَعْدُ

Alhamdulillaahi robbil ‘aalamiin, wassholaatu wassalaamu ‘alaa asyroofil anbiyaa-i wal mursaliin, nabiyyinaa wahabiibinaa muhammadin, wa’ala alihi washahbihi aj’ma’iin, wa man tabi’ahum biihsanin ilaa yaumiddin. Amma ba’du.

Nu simkuring pikahormat K.H/Ust. ..... (sebut nama penceramah)
Nu simkuring pikahormat para tamu uleman sareng hadirin nu Insya Allah dimulyakeun Allah.

Baca Juga: Terobosan Shopee Kenalkan Metode COD Cek Dulu, Belanja Online Tak Khawatir Lagi

Puji syukur kehadirat Allah SWT, nu masihan nikmat kanggko urang sadaya dugi tiasa sumping acara pangajian di bumi ieu, nyaéta dina raraga acara .... (sebut nama acara).

Solawat sinareng salam teu hilap mugia kalimpah curahkeun ka jungjunan nabi urang saréréa Nabi Muhammad SAW.

Para hadirin uleman nu simkuring pikahormat.

Dina raraga tasyakuran ieu, simkuring atas nami keluargi ………… nguleman bapa/ibu sadérék sakantenan kanggo ngahadiran acara ieu, kirana janten jalan silaturhmi hususna kanggo kaluargi abdi.

Dina acara syukuran ieu simkuring ngahaturkeun rewu nuhun ka hadirin sareng tamu uleman nu parantos sumping kanggo nyumponan uleman ieu.

Baca Juga: 5 Rekomendasi Tempat Wisata Menarik dan Seru di Lamongan, Sangat Pas Buat Menghilangkan Penat di Akhir Pekan
Teu hilap ogé ka sadaya sadérék panotian anu parantos ngabantosan dina ieu acara, sanaos acara ieu kalintang basajan, simkuring gaduh pamaksad badé ngedalkeun ucap rasa syukur ka Allah SWT. Tina (tema tasyakuran) mugi-mugi kuring sakeluargi tiasa ngadekeutkeun diri ka Allah SWT. Amin ya robbal 'alamin.

Para hadirin nu dimulyakeun Allah.
Ku sabab pentingna simkuring sakaluarga kanggo ningkatkeun iman sareng islam sarta ngajagi harti silaturrahmi ku kituna ieu acara pangajian téh di ayakeun.

Salajengna nyaéta ngenaan kana acara siraman rohani, nu badé di dugikeun ku K.H/Ustad ….. (sebut nama penceramah) nu badé masihan urang tausiah kaagamaan, mugia naon anu didugikeun ku akengan tiasa ngajafikeun tungtunan kanggo kahirupan urang sadaya.

Salajengna upami aya kakirangan, boh anu ngeunaan panampian, panyambutan atawa hidangan anu kusimkuring disayogikeun engkina, sihapunten anu kasuhun ka para wargi sadaya.

 Baca Juga: Lupa Kata Sandi Facebook? Lakukan 4 Cara Ini untuk Mengatasinya!

Sakitu baé pangbagéa (sambutan) ti simkuring, atas nami kaluargi dina raraga acara tasyakuran ….. (sebut nama acara) mugia tiasa aya mangpaatna, hapunten bilih aya kecap nu kirang merenah di haté para tamu uleman, sareng dihapunten lamun aya tuang leueutna nu henteu sasuai salera hadirin sakantenan.

Tina perhatiana simkuring ucapkeun hatur nuhun, akhirul kalam, Wassalamu’alaikum Warohmatullaahi Wabarokaatuh.

Itulah contoh kata sambutan Bahasa Sunda yang disampaikan oleh tuan rumah dalam acara pengajian tasyakuran keluarga. ***

Editor: Bakri

Sumber: Aplikasi Pidato Bahasa Sunda

Tags

Terkini

Terpopuler