HALOYOUTH - Dirangkum dari berbagai sumber berikut contoh teks ceramah singkat Bahasa Sunda tentang menuntut ilmu, cocok untuk kamu yang ingin tampil memberikan ceramah, siraman rohani, pidato atau kultum. Yuk langsung saja kita simak!
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ، وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى أُمُورِ الدُّنْيَا وَالدِّينِ، وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلىَ أَشْرَفِ اْلأَنْبِيَاءِ الـمُرْسَلِينَ وَعَلىَ آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْـمَـعِينَ، أَمَّا بَعْدُ.
Hadirin anu dipikahormat, para Alim Ulama, para Juama, para Hujajul Ustad miwah Ustadah, anu kupribados dipikahormat anu insya Allah ku Allah dimulyakeun.
Oge teu hilap ka Bapa-Bapa, Ibu-Ibu, warga sadayaanu kupribados dipikahormat anu insya Allah ku Allah dimulyakeun.
Tina saba'dana simkuring nyanggakeun tahiyatul islamiyah anu jadi kahurmatan puji miwah syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu alhamdulillah, kalayan takdir timantena urang sadaya tiasa riungmung pulung patepung lawung patepang wajah dina tempat anu iyeu barokah oge mulya.
Hadirin, anu ku simabdi dipikahormat.
Tina elmu kabagjaan dunya tiasa urang rasakeun, tina elmu oge kabagjaan alam akherat tiasa urang rasakeun. Sapertos tina hadits Nabi anu ngabogaan harti "Barangsaha ngahoyongan kahirupan dunyana, mangka wajib bagina ngabogaan elmu."
Nah, makin loba elmu nu ku urang dipiboga insya Allah kabutuhan sareng kabagjaan tiasa urang hontal. Kitu oge sami, panghareupan urang kana kabagjaan akhirerat oge insya Allah tiasa urang rasakeun.