Contoh Sambutan Tuan Rumah Acara Pengajian Tasyakuran Keluarga dalam Bahasa Sunda

- 4 Oktober 2023, 11:56 WIB
Microphone
Microphone /Image by PublicDomainPictures from Pixabay /

Puji syukur kehadirat Allah SWT, nu masihan nikmat kanggko urang sadaya dugi tiasa sumping acara pangajian di bumi ieu, nyaéta dina raraga acara .... (sebut nama acara).

Solawat sinareng salam teu hilap mugia kalimpah curahkeun ka jungjunan nabi urang saréréa Nabi Muhammad SAW.

Para hadirin uleman nu simkuring pikahormat.

Dina raraga tasyakuran ieu, simkuring atas nami keluargi ………… nguleman bapa/ibu sadérék sakantenan kanggo ngahadiran acara ieu, kirana janten jalan silaturhmi hususna kanggo kaluargi abdi.

Dina acara syukuran ieu simkuring ngahaturkeun rewu nuhun ka hadirin sareng tamu uleman nu parantos sumping kanggo nyumponan uleman ieu.

Baca Juga: 5 Rekomendasi Tempat Wisata Menarik dan Seru di Lamongan, Sangat Pas Buat Menghilangkan Penat di Akhir Pekan
Teu hilap ogé ka sadaya sadérék panotian anu parantos ngabantosan dina ieu acara, sanaos acara ieu kalintang basajan, simkuring gaduh pamaksad badé ngedalkeun ucap rasa syukur ka Allah SWT. Tina (tema tasyakuran) mugi-mugi kuring sakeluargi tiasa ngadekeutkeun diri ka Allah SWT. Amin ya robbal 'alamin.

Para hadirin nu dimulyakeun Allah.
Ku sabab pentingna simkuring sakaluarga kanggo ningkatkeun iman sareng islam sarta ngajagi harti silaturrahmi ku kituna ieu acara pangajian téh di ayakeun.

Salajengna nyaéta ngenaan kana acara siraman rohani, nu badé di dugikeun ku K.H/Ustad ….. (sebut nama penceramah) nu badé masihan urang tausiah kaagamaan, mugia naon anu didugikeun ku akengan tiasa ngajafikeun tungtunan kanggo kahirupan urang sadaya.

Salajengna upami aya kakirangan, boh anu ngeunaan panampian, panyambutan atawa hidangan anu kusimkuring disayogikeun engkina, sihapunten anu kasuhun ka para wargi sadaya.

 Baca Juga: Lupa Kata Sandi Facebook? Lakukan 4 Cara Ini untuk Mengatasinya!

Halaman:

Editor: Bakri

Sumber: Aplikasi Pidato Bahasa Sunda


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah